literasi kamis 11 08/22
Anjeun satia ka Nagara Ajeg wiwaha Nyungkemkeun acining ati Ka lemah cai ku wening ati Sari puspa wangi arum Ngatik ngadidik Paraputra Pasundan Nyambuang sa Nusantara Saban wanci Saban waktu Anjeun babakti ka nagri Ku wening ati Kembang deudeuh Teu weléh pageuh Langgeng ngadalingding Ngajungjung lemah cai Dangiang kawinayan Geus méré tanda Anjeun pinuh wiwaha Babakti ka nagara SAJATINING BAKTI KARYA: A.Yogaswara Wanci nu jadi bukti Darma wawayangan baé Saban wanci babakti Saban waktu mituhu Sajatining ati anu wening Balumbang rasa nu wiwaha Pabedang-bedang Loba kahayang Kahayang jeung kamelang Pagaliwota dina longkéwang Sajating ati nu wening Salira ajeg Saban wanci tetep babakti Mangpirang-pirang Panuding dengki Ti saban wanci Salira ajeg Sajatining ati nu wening Ajeg panceg Saban wanci tetep babakti